Wangsit Kiwari

hé anak incu kami
nu ku kami dipapancénan nuluykeun lacak
kami ngabatin mireungeuh ketak aranjeun
dina ngayonan panéka jaman
ngan teu weléh éléh jajatén
pancén kami asa geus cumpon
mekelan aranjeun ku wewesén jeung wawanén
wewesén pakéeun ‘na padungdengan
wawanén dina prung kudu padungdung
tapi naha bet héngkér tur épés méér

papagon nu ku kami diwariskeun
lain ukur apalkeuneun tapi pikeun dilarapkeun
enggoning nyorang kahirupan
heueuh cék kami téh silih-asah
tapi kami teu nitah ngasah pakarang
pikeun tarung papada urang
enya cék kami téh silih-asih
tapi lain ngasih ka sagawayah
teu salah cék kami téh silih-asuh
tapi lain jeung jalma teu puguh
kami mémang ngawarah soméah
tapi ka sémah anu merenah

kami nyeri ngaran kami
digeuhgeuykeun deungeun-deungeun
bari aranjeun teu enya-enya buméla
kami nalangsa lemah-cai kami diacak-acak nu lian
bari aranjeun ngan ukur bengong
ngadon anteng lalajo nu kariaan
ku lantaran kitu kami ngawangsit
upama anjeun rék tetep pageuh
keukeuh peuteukeuh dina bodo katotoloyoh
kami seja ngawanti-wanti
ti kiwari montong ngaku turunan kami
cadu maké ngaran kami
cag…

Karawitan, April 2006

Published in: on Januari 16, 2011 at 1:05 pm  Kantunkeun Pairan  

Palias Dihakan Mangsa

Kuring muriding ngabandungan Godi Suwarna
maca sajak Kawaluan. Lilin nu pating karetip
di satengahing riungan malih warni
jadi pirang-pirang tetengger nu rajeg
di pasaréan Astana Gedé. Laju parindah
kana sirah ngabeungbeuratan pikiran.

Kuring asa teu éling basa rarasaan aya nu nuyun
ka béh ditu, ka mangsa-mangsa nu geus lawas
kaliwatan ku sajarah. Ka baheula nu salawasna
diwawaas ku boa jeung biheung jieunan ayeuna.
Ka waktu nu geus bulukan kalimpudan kekebul
Jaman nu moal eureun ngaberung

“Susul…”, cék sora tan katingalan
Tibuburanjat kuring lumpat ka Pakuan Padjadjaran
nu kakoncara digjaya. Nu nyampak ngan ukur tapak
“Susul…” cék sora nu rada anggang
Gura-giru kuring miang ngajugjug Sumedanglarang
anu kawentar raharja. Nu nyampak ngan ukur tapak

“Susul…” cék sora nu mingkin jauh
Bari rusuh kuring ngabiur muru ka Galuh
nu kaceluk adiluhung. Nu nyampak ngan ukur tapak
“Susul….” Cék sora nu lapat-lapat.
Nyacapkeun kapanasaran kuring ngudag
Ka Tarumanagara. Nu nyampak ngan ukur tapak.
Nu disusul teu katimu.

“Héy karuhun kudu ka mana nya kami nyusul?”
“Ka ditu…” Curuk nunjuk ka béh jauh
Ka palebah jaman anu geus lawas ninggalkeun
“Ku naon nyusulan kami, pan kami geus di bihari?
Kudu diudag mah jaga, ngarah teu dihakan mangsa”
Kuring ngalempréh éléh ku capé
balas lumpat nukangan jaman…

Karawitan, April 2006

Published in: on Januari 16, 2011 at 12:25 pm  Kantunkeun Pairan