(1)
Ka Pangersa Presiden RI Kadua
Bongan salira langkung percanten
kana haréwosna sétan
tibatan kereteg manah
wayahna kieu jantenna
kedah nampi dikakaya
dikantunkeun ku sadaya
Kapan salira uninga
sétan mah ngajurung laku
ka sakur anu takabur
ka sugri anu sarakah
nu lapar kakawasaan
Mémang leres kantos aya
aweuhan euyah-euyahan
ti abdi dalem miwah para pangawula
nu ngeukeuhan ka salira
malar ngalanggengkeun kalungguhan
Nanging apan pupulasan
sangkan maranéhna anteng
milampah polah nu nirca
nu nyangsara balaréa
Horéng ayeuna karaosna
salira lir nunggul-pinang
abdi dalem naronggongan
pangawula malik baha
Wayahna nampi hukuman
bongan ku polah salira





















