Euis Komariah, Euis…
ku naon mulih teh enggal-enggalan, jungjunan
ngantunkeun abdi sadaya
kabungbulengan
Apan urang keur ngarancang pilengkaheun
malar lampah aya tapakna
malar lacak aya urutna
sangkan kabaca nu ku nu jaga
Nanging salira geuning bet mulih ti payun
ngantunkeun abdi sadaya
nu teu terang kedah kumaha
iwal micangcam, iwal midangdam
ka salira nu ngantunkeun pirang-pirang panineungan
soanten anu halimpu
imut anu ngagelenyu
sanaos nuju haliwu
Dina endahna soanten salira, Euis
aya endah Tanah Sunda
dina halimpuna soanten salira, Euis
aya dalingding angin Priangan
tingtrim kana ati
nyeblak kana manah
Di mana-mana aya seungit jenengan salira
nyambuang sapapanjangna
teu laas salalawasna
Euis Komariah, Euis…
ku naon mulih teh enggal-enggalan, jungjunan
ngantunkeun abdi sadaya kabungbulengan
Wilujeng…….
ah, abdi sadaya teu werat
nyebatkeun wilujeng angkat
da salira teu weleh aya
jeroning batin abdi sadaya
Karawitan, 19 September 2011













Kumaha atuh nya…?