KU NAON ENGGAL-ENGGALAN (mieling 40 dinten pupusna Euis Komariah)

Euis Komariah, Euis…
ku naon mulih teh enggal-enggalan, jungjunan
ngantunkeun abdi  sadaya
kabungbulengan
Apan urang keur ngarancang pilengkaheun
malar lampah aya tapakna
malar lacak aya urutna
sangkan kabaca nu ku nu jaga

Nanging salira geuning bet mulih ti payun
ngantunkeun abdi sadaya
nu teu terang kedah kumaha
iwal micangcam, iwal midangdam
ka salira nu ngantunkeun pirang-pirang  panineungan
soanten anu halimpu
imut anu ngagelenyu
sanaos nuju haliwu

Dina endahna soanten salira, Euis
aya endah Tanah Sunda
dina halimpuna soanten salira, Euis
aya dalingding angin Priangan
tingtrim kana ati
nyeblak kana manah
Di mana-mana aya seungit jenengan salira
nyambuang sapapanjangna
teu laas salalawasna

Euis Komariah, Euis…
ku naon mulih teh enggal-enggalan, jungjunan
ngantunkeun abdi  sadaya kabungbulengan
Wilujeng…….
ah, abdi sadaya teu werat
nyebatkeun wilujeng angkat
da salira teu weleh aya
jeroning batin abdi sadaya

Karawitan, 19 September 2011

Dipedalkeun dina: on Oktober 2, 2011 at 12:23 pm  Pairan (1)  
Follow

Get every new post delivered to your Inbox.