Kuring muriding ngabandungan Godi Suwarna
maca sajak Kawaluan. Lilin nu pating karetip
di satengahing riungan malih warni
jadi pirang-pirang tetengger nu rajeg
di pasaréan Astana Gedé. Laju parindah
kana sirah ngabeungbeuratan pikiran.
Kuring asa teu éling basa rarasaan aya nu nuyun
ka béh ditu, ka mangsa-mangsa nu geus lawas
kaliwatan ku sajarah. Ka baheula nu salawasna
diwawaas ku boa jeung biheung jieunan ayeuna.
Ka waktu nu geus bulukan kalimpudan kekebul
Jaman nu moal eureun ngaberung
“Susul…”, cék sora tan katingalan
Tibuburanjat kuring lumpat ka Pakuan Padjadjaran
nu kakoncara digjaya. Nu nyampak ngan ukur tapak
“Susul…” cék sora nu rada anggang
Gura-giru kuring miang ngajugjug Sumedanglarang
anu kawentar raharja. Nu nyampak ngan ukur tapak
“Susul…” cék sora nu mingkin jauh
Bari rusuh kuring ngabiur muru ka Galuh
nu kaceluk adiluhung. Nu nyampak ngan ukur tapak
“Susul….” Cék sora nu lapat-lapat.
Nyacapkeun kapanasaran kuring ngudag
Ka Tarumanagara. Nu nyampak ngan ukur tapak.
Nu disusul teu katimu.
“Héy karuhun kudu ka mana nya kami nyusul?”
“Ka ditu…” Curuk nunjuk ka béh jauh
Ka palebah jaman anu geus lawas ninggalkeun
“Ku naon nyusulan kami, pan kami geus di bihari?
Kudu diudag mah jaga, ngarah teu dihakan mangsa”
Kuring ngalempréh éléh ku capé
balas lumpat nukangan jaman…
Karawitan, April 2006












