Pirang-pirang alesan nu ngalantarankeun kuring kumejot hayang milu ngalayad teh. Ari nu pang utamana mah pedah asa geus lawas teu nepungan. Tepung pamungkas teh basa lebaran dua taun ka tukang, di bumina, sabada ecag tina kalungguhanana. Sababaraha kali aya nu ngajakan nglayad bet teu bisa milu wae. Waktuna sok kabeneran bantrok jeung hanca anu hese ditinggalkeun.
Harita, Jumaah (20/8), ngadagoan teh di aula, anu kawilang lega. Kosong da teu dikorsian. Korsina mah diberesan. Kawasna dipasang soteh upama aya kagiatan. Beh kulon, ngajugrug mimbar paragi biantara. Beulah wetan, korsi tamu jeung mejana. Di tengah-tengah, aya meja makan. Rada pinuh ku opieun. Aya suuk aya sukro, aya comro aya misro, aya oge goreng pisang. Tah di dinya, dina meja makan, diperenahkeun ngadagoan teh. Da pedah nu ngalayadna reaan, baris matak dukdek teuing mun kudu dariuk dina korsi tamu. Ongkoh asa resmi teuing deuih ari dina korsi tamu mah. Padahal apan niatna ge ukur ngalayad, ngawangkong ngaler ngidul, estu teu aya ”agenda husus”.
Sajeroning ngadagoan, eta hate make panasaran sagala. Naha jagjag, naha sehat, gagah keneh cara baheula? Atuda kangaraning hirup di panjara aya taunna, piraku teuing henteu matak mangaruhan jiwa-raga. Panjara tea, saha nu baris nganggap endah, ngeunah, tumaninah…betah! Mungguhing hirup di pangberokan, nu kagambar teh apan ukur katugenahna.
“Nembe rengse taraweh, nuju ka kamarna heula,” cek salah saurang nu aya di dinya. Teu pati lila, torojol nu dianti-anti. Henteu ieuh matak pangling, da puguh asa angger wae. Angger gagah, cacak jantung kungsi dibalon mah. Enya, angger gagah Pa Dani Setiawan mah. Meh teu aya robahna ti jaman nyangga kalungguhan Gupernur Jabar (periode 2004-2009) tug nepi ka ayeuna geus jadi rahayat biasa, anu kapaksa ku sistim kudu ngeusian pangberokan. “Angger wae, bapa mah….,” meh ceuk sarerea, saur manuk. Bari ngaheheh cara kabiasanana ti baheula, Pa Dani tatag nyarita, “Rupina mah kumargi abdi iklas nampina. Iklas wireh ieu teh bagian tina cocobi ti Gusti nu ku abdi kedah dirandapan.” Disusul ku ngaheruk rada tungkul, ”Sok sanaos keukeuh teu rido ari kedah nampi panuding nu lain-lain, nu ku abdi henteu dipilampah mah…..” Saterusna mah nya ngobrol teh ngaler-ngidul. Tina donor-darah nu duka kumaha bet teu kacatet ku patugas, nepi ka ngalaksanakeun pancen ngokolakeun tatanen dina lahan sacangkewok nu aya di jero Sukamiskin. Wangkongan diselang ku gogonjakan, itung-itung ngahibur bangbaluh, selang-selang tina nganaha-naha pajamanan.
Asa Diteungteuinganan
Horeng Pa Dani teh geuning ngemu kahanjelu, pedah berita dina media-massa asa kungsi neungteuinganan pisan. Apan kungsi dibewarakeun majar Dani Setiawan “merugikan negara sejumlah 72 milyar dari proyek pengadaan mobil damkar”. “Mun tea mah enya, piraku teuing nepi ka sakitu,” ceuk Pa Dani. “Mun tea mah enya, jumlah sakitu mah mereun sa-Indonesia, lain ti Jawa Barat wungkul.” Pa Dani ngarasa kahibur soteh pedah berita di media-massa teh apan lain opini para wartawan, da puguh aya nu nyaritana. Nu teungteuingeun mah sumber berita, ku naon harita nyaritana henteu lengkep.
Asa diteungteuinganan teh deuih basa dicehcer perkara teknis, anu tangtu moal pati bisa kajawab ku lantaran apan harita teh pancen nu dicangkingna ukur ngawengku wilayah kawijaksanaan. Loba keneh kateungteuinganan lianna, anu biheung kedal sacara sadar. Wangkongan anu henteu dijejeran tea, laluasa ka mana leosna. Cara pikiran kuring harita, nu ngumbara ka jauhna, kana wangkongan balarea nu remen nyarita yen dina pajamanan kiwari mah rea pasualan nu teu “murni”. Rea nu ku alatan rekayasa.
Cara “pemberantasan korupsi” upamana. Apan cek omongan balarea mah, nu disesered kana wilayah hukum, malah nepi ka diberokna teh, rereana mah lain pupuhuna. Lain anu nyangking tanggungjawabna. Nu remen dikorbankeun mah nu mancen kalungguhan sahandapeunana. Ari nu cek pikiran balarea pantes nanggung akibatna, bet teu ditoel-toel acan. Alesan anu pangnonggerakna mah, cek pikiran balarea teh, ku lantaran ari nu enya-enya kudu tanggung jawab mah kabeneranana teh tentara atawa pangsiunan tentara. Enya henteuna, walahualam bisawab. Cara enya-henteuna anggapan ti jalma rea, yen Pa Dani diutik-utik harita teh pedah we Pa Dani mah lain tentara, jeung pangpangna mah ku lantaran….urang Sunda. Naha Sunda dibabawa? Apan dina raraga ngaragragkeun citrana. Citra Sunda. Malar dianggap yen urang Sunda mah teu jalujur. Beuki karasa, yen urang Sunda teh kudu ngahiji!***












