Sukamiskin, Bada Taraweh

Pirang-pirang alesan nu ngalantarankeun kuring kumejot hayang milu ngalayad teh. Ari nu pang utamana mah pedah asa geus lawas teu nepungan. Tepung pamungkas teh basa lebaran dua taun ka tukang, di bumina, sabada ecag tina kalungguhanana. Sababaraha kali aya nu ngajakan nglayad bet teu bisa milu wae. Waktuna sok kabeneran bantrok jeung hanca anu hese ditinggalkeun.

Harita, Jumaah (20/8), ngadagoan teh di aula, anu kawilang lega. Kosong da teu dikorsian. Korsina mah diberesan. Kawasna dipasang soteh upama aya kagiatan.  Beh kulon, ngajugrug mimbar paragi biantara. Beulah wetan, korsi tamu jeung mejana. Di tengah-tengah, aya meja makan. Rada pinuh ku opieun. Aya suuk aya sukro, aya comro aya misro, aya oge goreng pisang. Tah di dinya, dina meja makan, diperenahkeun ngadagoan teh. Da pedah nu ngalayadna reaan, baris matak dukdek  teuing mun kudu dariuk dina korsi tamu. Ongkoh asa resmi teuing deuih ari dina korsi tamu mah. Padahal apan niatna ge ukur ngalayad, ngawangkong ngaler ngidul, estu teu aya ”agenda husus”.

Sajeroning ngadagoan, eta hate make panasaran sagala. Naha jagjag, naha sehat, gagah keneh cara baheula? Atuda kangaraning hirup di panjara aya taunna, piraku teuing henteu matak mangaruhan jiwa-raga. Panjara tea, saha nu baris nganggap endah, ngeunah, tumaninah…betah! Mungguhing hirup di pangberokan, nu kagambar teh apan ukur katugenahna. (lajengna…)

Dipedalkeun dina: on Séptémber 8, 2010 at 12:17 am  Kantunkeun Pairan  
Follow

Get every new post delivered to your Inbox.