Ngaderes Sunda Ayeuna

Nyarita perkara Sunda ayeuna
asa nyaritakeun deungeun-deugeun
saban réngsé sawangkongan
dipungkas ku humandeuar
ditungtungan ku hanjelu
–naha bet kieu ku naon kitu

Ku naon Sunda beuki wanian
ngagugulukeun pacéngkadan
mopohokeun silih élédan
nyapirakeun silih ajénan
papada urang nu cenah sakocoran
dulur salembur baraya landes
kalah betah silih arah
silih gitik silih bintih
nu rék  maju digusur
nu rék ngaléngkah diréngkas

Ari dina pakumbuhan
nu rada lega ambahan
Sunda téh bet épés méér
teu kacatur lébér wawanén
ku naon Sunda beuki lindeuk
teu lingas cara baheula
ku naon Sunda beuki héngkér
teu bedas cara baheula
jaman kakawasaan
henteu ngan salelewek Priangan

Lain, lain kudu mulang deui
ka mangsa-mangsa bihari
da puguh geus lawas kaliwat
moal datang ku disambat

Henteu, henteu kudu salin jinis
ngajirim jalma baheula
dipapantes didangdanan
cacah sina jiga ménak
somah sina jiga pangkat
sina bisa sampurasun
sangkan apal kana rampés

Lain, lain kudu muntang pageuh
kana tangkal nu baheula
tapi kudu melak tangkal anyar
ciri aya nu ayeuna
cék maranéhna nu jaga

Henteu, teu kudu tipepereket
nyekelan akar nu pasoléngkrah
satungtung urang can wawuh
akar naon nu pabalatak
da puguh pagaliwota
antara akar jeung oray
nu bisa macok mun urang bongoh

Ku naon Sunda bet betah
ngajimatkeun nu baheula
dibungkus dijieun isim
dipuhit dipusti-pusti
ana dibuka eusina
goréhél téh tai kotok dilebuan

Baheula nu geus kaliwat
urang teundeun dina batin
guareun sakali-kalieun
mun pareng urang keur nineung
nu baheula mah apan geus puguh galurna
geus karuhan lalakonna
sanajan ngan ukur béja
carita cenah ceuk cekéng
Ari Sunda nu ayeuna
naon caritakeuneun jaga
mun ngagugulung waé baheula
reueus ku nu geus euweuh
keukeuh melang kana tapak
taya gadag taya ketak

Apan Sunda kudu tandang
meruhkeun poé ayeuna
malar Sunda gedé tanaga
keur nangtang poé isukan
Harepan mah aya di jaga
lain nyampak di baheula
baris kahontal henteuna
kuma cék ketak ayeuna

Lamun Sunda hayang maju
atuh ulah leumpang mundur
da punduk mah teu mataan
nu puguh kalah tabrakan
pageduk jeung dulur sorangan
tidadalagor tibabaranting
antukna éléh ku capé
ngalempréh di jajalaneun
dilindes ku deungeun-deungeun

Nyarita perkara Sunda ayeuna
nyaritakeun lalakon nu heureut léngkah
ka hareup ukur sajeujeuh
ka tukang kilométeran
teu apal di poé ayeuna
linglung ka poé isukan
da bongan ngagugulung waé kamari
nu kuduna geus disimpen dina lomari

Pébruari 2010

Dipedalkeun dina: on Maret 16, 2010 at 11:53 pm  Kantunkeun Pairan  

URI pikeun RaratMalik ieu tulisan nyaéta: http://jatisunda.wordpress.com/2010/03/16/naderes-sunda-ayeuna/trackback/

Feed RSS kanggo pairan dina ieu seratan.

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

Follow

Get every new post delivered to your Inbox.