Puisi kuring puisi lain-puisi
puisi kuring puisi pupuisian
ladang ngungkaban catetan
boh nu katulis ku ati
boh nu katénjo ku panon
Puisi kuring puisi catetan
nu kungsi nyangsang dina ingetan
ditulis keur saksi diri
pajamanan nu disungsi
Puisi kuring puisi ingetan
nu bacacaran dina pikiran
meunang ngaguar ngoréhan
pédah lebar dipiceunan
Puisi kuring puisi basajan
aoseun bari leleson
malar taar henteu kerung
malaur nambihan kabingung
1998













