Sunda Tandang

Geura tabeuh goong manéh, Jalu
ngadu handaru jeung sora goong nu lian
malar batur nyarahoeun
hidep téh geuning teu pireu

Lain mangsana
urang ngadedempés héés
dina wanci kudu nyaring
lain wayah urang léah
balap mandeurikeun manéh
majar téh da lain éléh

Tong katalikung ku tukang
mangsa dicangcang ku tambang
beunang ngarara sorangan
beunang mapaés nu héngkér
hésé incah hésé lengkah
dicangreud ku sarwa ulah
akon-akon adiluhung

Geura tabeuh goong manéh, Jalu
geus meujeuhna nepak-dada
baheula dicarék sotéh
keur jaman silih élédan
ayeuna mangsana tandang
nu cicing wayahna nyisi

Puah
geura teuneung geura ludeung
geura nyoara sin perténtang
anjeun mah lain bagejid, Jalu
tapi jangkrik siap tarung
Prung!

2002

Dipedalkeun dina: on Pébruari 23, 2010 at 5:34 am  Pairan (1)  

URI pikeun RaratMalik ieu tulisan nyaéta: http://jatisunda.wordpress.com/2010/02/23/sunda-tandang/trackback/

Feed RSS kanggo pairan dina ieu seratan.

1 PairanTunda talatah

  1. Di jujut di salusur
    Di sasar di rarampa
    Ana gorehel teh geuning
    Aya kapanggih
    Hatur nuhun ah Kang Yayat


Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

Follow

Get every new post delivered to your Inbox.