Sunda Tandang

Geura tabeuh goong manéh, Jalu
ngadu handaru jeung sora goong nu lian
malar batur nyarahoeun
hidep téh geuning teu pireu

Lain mangsana
urang ngadedempés héés
dina wanci kudu nyaring
lain wayah urang léah
balap mandeurikeun manéh
majar téh da lain éléh

Tong katalikung ku tukang
mangsa dicangcang ku tambang
beunang ngarara sorangan
beunang mapaés nu héngkér
hésé incah hésé lengkah
dicangreud ku sarwa ulah
akon-akon adiluhung

Geura tabeuh goong manéh, Jalu
geus meujeuhna nepak-dada
baheula dicarék sotéh
keur jaman silih élédan
ayeuna mangsana tandang
nu cicing wayahna nyisi

Puah
geura teuneung geura ludeung
geura nyoara sin perténtang
anjeun mah lain bagejid, Jalu
tapi jangkrik siap tarung
Prung!

2002

Dipedalkeun dina: on Pébruari 23, 2010 at 5:34 am  Pairan (1)  

Jalan Panjang Jero Eunteung

Sabot ngeunteung rada anteng
alatan jangji rék tepung
jero kaca bet manggihan jalan panjang
ngembat ti hareup ka tukang

Geuning itu aya kuring
nikreuh ti tangéhna kénéh
badarat sareng salira
na antayan lahan urang
mépéd mapay-mapay galeng

Horéng urang saukur aleutan meri
nu teu weléh hésé ngarti
ngaléngkah téh rék ka mendi
naon nu jadi udagan
nu nyaho ngan budak angon
bagéan urang sakadar leumpang
biheung ka hareup boa ka tukang

Nikreuh deui
leumpang deui
ngaléngkah angger di sisi
budak angon gunta-ganti
tapi urang angger meri
diala endogna
diarah dagingna
kalan-kalan titah récok
Ciri meri keur ngagonyok

Tong ménta reureuh
najan dampal-suku bareuh
prak sing tarik ngawakwak
hempék mun arek ngawékwék
nu ngangon mah moal eungeuh
geus kadarna béda basa
sumawonna lebah rasa
urang mah sakadar meri
ari aranjeunna jalmi

Aya nu murag ngagepluk
sisir nu ngajembol buuk
lebah nu nutupan uteuk
manahoréng kuring jalma
nya kitu deui salira
–urang sadaya
nu keur nikreuh
dina galengan sajarah

Jalan panjang jero eunteung
ngagugulung ngagedugan angen
angen sim kuring
angen salira
na angen urang sadayana

Salajengna badé kumaha?

2002

Dipedalkeun dina: on Pébruari 22, 2010 at 4:41 am  Kantunkeun Pairan  

Awang-awang bau lahang

Langit ujug-ujug heurin ku sora
nu paheula-heula kaluar ti panjara
sanggeus dihukum puluhan taun
dicangcang dina elak-elakan
diborogod dina tikoro

Di langit nu teu dijariji beusi
sora-sora jalaligrah
pating rampayak di awang-awang
nu gumblung-gamblang
pating réngkénék dina sorot panonpoé
nu teu kungsi kaalaman
dina poékna pangbérokan

Sora-sora pésta rongkah
bari ngaregotan lahang tina lodong
nu teu eureun-eureun nyurulung
sora-sora pakaulan
aréngklak-éngklakan arigel-igelan
sawirahma
sarua tepak kendangna

Sora-sora nu mimiti weureu lahang
ngaléngkah teu ningcak goong
nu renyem ku ateulna kawung
hohoak ménta padungdung
sora-sora laluncatan ka pakalangan
silih herengan

Pésta kaulan jadi pésta pacéngkadan
langit nu nyaynyayan béngras
mulek ku napas nu mabok
awang-awang bau lahang

1998

Dipedalkeun dina: on Pébruari 3, 2010 at 2:29 am  Kantunkeun Pairan  

Sasambat

Mireng budak nangkarak
dina ranjang rumahsakit
bari dibaréngkos inpus
asa rido mun kanyerina
dipindahkeun ka sorangan

“Cageurkeun Si Cikal, duh Gusti
parengkeun heula jadi jelema…”

Pilakadar ukur hujan ngaririncik
sabot ngaléngkah ka tempat parkir
bet rieut-jangar
Sakur nu aya di imah
dikeprak néangan ubar
sieun gering katutuluyan
ngalempréh kawas Si Cikal

“Duh Gusti, cageurkeun abdi!”
Geuning, sasambat bet leuwih tarik

Horéng teu iklas nyuluran
kana tunggara nu lian
cacakan getih sorangan
Gusti, hapunten takabur

Sajeroning sujud
ku hayang nyumputkeun beungeut

1998

Dipedalkeun dina: on Pébruari 3, 2010 at 1:49 am  Kantunkeun Pairan  

Cipadaulun

Diniatan ngadon ulin
ngajugjug Cipadaulun
hayang ngawangkong harampang
teu dibeungbeuratan kerung
ngajauhan koran
nyingkahan siaran
bongan harénghéng

Disampakkeun sangu pulen
sambel goang lalab galeng
béasna Si Ulun Béntang
beunang ngaranan Gugum Gumbira
ladang panén ti sawahna
(merenahna mah dipaké ngalandih sinden
mun manéhna kahudang deui
nyieun kasét Jaipongan
keur mirig ibingan anyar)

Karék réngsé balakécrakan
geus manggih kareuwas deui
pilakadar sora teurab
asa leuwih tarik ti bom
nu teu weléh ngabongohan
pareng nu jaga cileureun

Pipikiran nu keur reureuh
jadi ngulayaban deui
ka Acéh
Ka Ambon
ka Kalimantan
brasna ka Jakarta
padahal anggangna ti Majalaya
geus teu kaukur ku jeungkal

Hésé pisan ngésérkeun deui obrolan
sangkan teu nyaritakeun pamingpin
anu henteu baretaheun
mun paséa kudu eureun
Atuh béak pacéngkadan
meureun leungit pakasaban
samaruk urang teu apal
kana ketak bodor longsér

2002

Dipedalkeun dina: on Pébruari 2, 2010 at 5:24 am  Kantunkeun Pairan  

Cirata

Sabot kataji ku tapisna para ahli
ngawangun talaga buatan
tina beungeut-cai
rébuan jalma narémbongan
mencrong ka kuring salila-lila
ujug-ujug kareungeu sora haténa:

Anu ngemplang upluk-aplak
di talaga satungtung deuleu
satemenna cimata kami
balas nyeungceurikan lembur
saméméh teuleum kakeueum

Nyumponan paménta jaman
nu tara bisa dipungpang
kami iklaskeun rajakaya
katut panineunganana
nu moal kabayar ku harga
kami ngungsi lir nu palid
kabawa caah ka dayeuh

Weléh teu wawuh
sanajan diajar wanoh
susah merenah
sanajan nyobaan betah
boboléh hirup di dayeuh
Kaweruh kami mah tani
teu anléh kuli di pabrik
geura idinan kami balik

Pulangkeun deui
lembur kami
mun enya aranjeun sakti!

Nu napak-kancang di Cirata
ngaleut ka tungtung-deuleu
leungit di palebah suku langit
kuring ngan saukur bengong

2002

Dipedalkeun dina: on Pébruari 2, 2010 at 4:42 am  Kantunkeun Pairan  
Follow

Get every new post delivered to your Inbox.