Aya buaya sapasang keur ocon
‘na lambang kota. Sakeudeung deui
maranéhna rék sapatemon
di Bangunrejo. Ditilaman sepré hanyir
di kamar dayang ti Banyuwangi
Matros-matros asing mayar éta pintonan
ku duit récéh. Bari ngabudalkeun napsuna
nu lawas nyayang. Sabotol budah alkohol
nu mulan-malén jeroeun kolor
Ti maranéhna, dipiharep baris lahir
pahlawan-pahlawan anyar. Kawas baheula
anak incu arék-arék Suroboyo
nu kungsi nanjeurkeun ngaran
Buaya sapasang keur ocon
di puncak tugu. Na sukuna
kuring wanoh ka ngaran Muhammad Ali
–manéhna teuing simbul nanahaon
Angin Geresik nu garing
nebakan dirina nu teu opénan
Sabot nu lian pahibut di palabuan
di Gubeng di Pasar Turi, manéhna anteng
sorangan. Di kamarna: ngawangun Sajarah
tina tumpukan sajak
1975













Wilujeng tepang kang,ti blogger urang lembur.