Kinanti Rumaos Diri

Naon deui anu kantun
tina lalampahan diri
iwal catetan bulukan
disumputkeun di nu buni
lalakon sanés sakedap
mangprung henteu dikadali

Dugi ka mana ngaberung
parantos teu apal deui
naon baé nu dirempak
ditataan matak isin
awahing kalalanjoan
tos sareupna nembé lilir

Majar téh wirahma hirup
larasna ulah sarupi
apan mungguh dina tembang
sok diwuwuh ku panambih
nanging bet kalalangkungan
panambihna seueur teuing

Kapaksa ayeuna rusuh
babalapan sareng wanci
rumaos bekelna kirang
padahal tos téréh dugi
nyanggakeun sadaya-daya
dikamanakeun gé nampi

2002

Dipedalkeun dina: on Nopémber 24, 2009 at 5:40 am  Pairan (1)  

Sajeroning Sindang

Ěstu saleresna kitu
di dunya sakadar sindang
ngadon reureuh tina lalampahan mulang
ngabujeng ka pangbalikan

Nanging mungguh ari sindang
sok teu weléh hoyong manjang
di ditu di dieu betah
nu kitu nu kieu éndah
kana wangsul wuwuh wegah

Dian sajeroning sindang
kahoyong mah nya kantenan
henteu ngantunkeun catetan
anu rocét teu karuhan

Dina sajeroning sindang
kahoyong mah nya kantenan
teu weléh nyanding hariwang
inggis kérok balitungan
pibekeleun teu nyekapan

Dina sajeroning sindang
kahoyong mah nya kantenan
henteu reureuh tina éling
henteu kendat ngarérétan
kana jalan piwangsuleun

Dina sajeroning sindang
kahoyong mah nya kantenan
nu dipuhit iwal ti silaturahmi
antawis papada abdi
nu dipalar iwal ti silih ajénan
antawis papada urang
malar jalan ngabulungbung
ngabujeng hirup nu langgeng

2004

Dipedalkeun dina: on Nopémber 24, 2009 at 5:26 am  Kantunkeun Pairan  

Panuhun Abdi Sadaya

Sanés. Sanés maksad ngawagel salira
gembleng percanten nampi laporan
bawahan Sanés kitu pamaksadan.
Leres. Salira kantenan leres. Teu cangcaya

ka bawahan nu satuhu, surti tur asak
jeujeuhan, pinunjul réka perdaya.
Ěstu dipahing maparin laporan rudet
ka atasan nu sadidinten tos ruwet.

Mungguh pangagung émutaneun ararahéng.
Bénten sareng andar-andar mung ukur
ngémutan hirup, nu teu reureuh tina sesah
Wuwuh bingun ku sering gentos pangagung.

Henteu. Teu maksad ngajurung laku malar
salira lungsur ka lembur. Mapay pasar, seja
ngaroris pangaos. Ngaprak ka pasawahan
ngapruk ka lembur pamayang. Sanés kitu

Pamaksadan. Leres. Salira mah leres
Pisan. Piraku teuing pangagung kedah
leukeun saba kampung. Lebar temen ku
anggoan kadinesan, waragadna awis pisan.

Nyocéng anggaran nagara, anggoeun
jengkar ka nagri. Nguyang sametan manawi
aya nu haat maparin. Naur hutang tandonna
mah anak incu. Ampun paralun piraku bet

kumawantun. Saupami kawidian ngadugikeun
panuhun, moal langkung ti sarupi. Pamugi
salira kersa ngamanahan haréwos batin
ku anjeun, nu sering ngadangu bangbaluh

sanaos teu dikedalkeun. Saupami pirajeunan
dilenyepan, nyangkolong waktos sakedik tina
kalangenan pulitik, tinangtos bakal uninga
jeritna abdi sadaya dihinisan tunggara.

2002

Dipedalkeun dina: on Nopémber 24, 2009 at 4:58 am  Kantunkeun Pairan  

Ku Naon Juragan Bendu

Naha juragan kedah bendu
nalika di parapatan sim kuring nyaketan
kaca jandéla tutunggangan kagungan?
Leres, sim kuring téh nyarayuda
baramaén manawi aya nu haat maparin
ti sugri nu rido galih
Bilih juragan kaabotan
sim kuring seja pamitan

Sanés, sanés kahoyong sim kuring
ngaheurinan parapatan
nyiar untung tina énténg
hihitaran tina papan-papan acan
dikawatan karét geulang
hahaleuangan gé silung
Ampun paralun
da haté mah teu ngajurung
kajurung sotéh ku bingung

Leres pisan kereteg manah juragan
saumur sim kuring kedahna di sakolaan
sanés kukulamprengan di jalan
Nanging dalah dikumaha
Pun bapa teu werat ngawaragadan
da teu gaduh deui pacabakan
sabada dilirénkeun ti pabrik tinun

Ladang pun biang dadagangan
geuning tebih ti nyekapan
kanggo hirup sadinteneun
Sim kuring sareng pun adi
nya kapaksa kikieuan
sanes pédah pangedulan

Maksad mah mamanawian
tiasa ngabantos kolot
sapéséreun sabénggoleun
kanggo nyambung-nyambung umur

Kahoyong mah nya kantenan
cepeng damel di kantoran
atanapi di mana baé
anu kaétang merenah
sanés sapertos ayeuna
ngaheurinan parapatan
ngaganggu para juragan
anu kedah tumaninah

Nanging saha nu baris kersa
ngajeujeuhkeun merenahkeun
ka sim kuring anu ésdé gé teu réngsé

Dalah pun lanceuk pituin
nu tamat sakola téhnik
sadidinten mung ngiwir-ngiwir ijasah
tos dua taun ngaligeuh

Kumargi kitu neda tawakup
saupami kaca jendéla
tutunggangan kagungan
kakotoran ku karinget
tina ramo-ramo sim kuring
nu parantos ngarorongkong

1998

Dipedalkeun dina: on Nopémber 24, 2009 at 3:50 am  Kantunkeun Pairan  

Nurugtug

Salira lamping nu itu
sim kuring gawir nu ieu
nurugtug ti luhur gunung
ngabujeng lemah nu datar
milarian kanggo reureuh
sabada  urang milampah
ngajurung mangprung kahoyong

Wangkid urang di puncakna
dina waktos katalimbeng
kantos nyipta-nyipta jangjang
malar ngapung langkung luhur
ngungkulan hiberna heulang
bongan sering ngabongohan
nyamberan kantéh kaasih
padahal tos terang rapuh
abong ditinun ku rusuh
dirara susulumputan

Horéng lalakon kalangkung
nu éndah téh ukur cangkang
kitu haréwosna huis
sareng kulutrakna waos
kana yuswa anu narah
henteu kersaeun salingkuh
diajak mupus talajak

Nurugtug ti luhur gunung
ngantunkeun puncak impénan
udagan nu teu kantenan
ngabujeng jalan satapak
muru geusan piwangsuleun
bet lami kaluli-luli
tangtos kedah rada rusuh
ngabaladah ngalelemah
bongan léngkah dihahambur
rumaos ngadon élodan

2002

Dipedalkeun dina: on Nopémber 23, 2009 at 4:18 am  Kantunkeun Pairan  

Cadas Pangéran

Cadas Pangéran ayeuna
asa bénten ti harita
waktos sering pulang anting
antara Bandung-Sumedang
kapungkur mah ngabulungbung
teu seueur teuing péngkolan
ti tungtung dugi ka tungtung
disorang sakolépatan

Sandékala teu némbongan
pareng ngalangkung sareupna
ngagayuh ka tengah wengi
ngarampih sugri dedemit
di lamping bulan sidéngdang
béntang sapaparat jalan
nyerangkeun urang duaan
semu sirik ngadelékan

Cadas pangéran ayeuna
palebah mana éndahna
bayeungyang saban ngalangkung
ngahéab kana jajantung
ririwa ngabebegigan
mupuas ngajarebian
salira nu dipilari
ku henteu pisan maliré

2002

Dipedalkeun dina: on Nopémber 23, 2009 at 3:38 am  Kantunkeun Pairan  

Nganteng

Bongan kantos silih-asih
piraku teu aya tineung
benang mah teu kantos pegat
nganteng dina angen-angen
tong nyobi-nyobi digunting
bilih kalah ramo potong
saéna mah dicangreudkeun
malah teu sesah nyepengan

Mugi salira teu lali
da sim kuring moal hilap
urang kantos ngararancang
nyipta-nyipta langlayangan
nu henteu gimir ku angin
najan hiuk ngagelebug
dalah teu rémpan ku panas
sanaos tarik nongtoréng

Sim kuring parantos gaduh
salira gé tos kagungan
langlayangan séwang-séwangan
anggur urang sina manteng
malar sami tatangahan
neuteup langit nu méh angkeub
ngarungkup urang duaan
tepang di alam nu lian

2002

Dipedalkeun dina: on Nopémber 23, 2009 at 3:13 am  Kantunkeun Pairan  

Merenah Ayeuna Reureuh

Merenah ayeuna reureuh
sanggeus  réngsé perang campuh
kapan musuh geus boboléh

Piraku urang teu capé
balas ngékéak nu torék
Pakuranteng urat beuheung
ngaleupas-leupaskeun sora
nu geus lawas di panjara

Leuwih hadé urang reureuh
malaur riweuh
Nu kamari reureujeungan
ku naon bet pacéngkadan
pasalia pamadegan

Urang hijikeun tanaga
nyanghareupan gawé rongkah
mérésan nu pasoléngkrah
nu geus lawas teu kaurus

Dipedalkeun dina: on Nopémber 20, 2009 at 7:09 am  Kantunkeun Pairan  

Palebah Sisimpangan

Lantaran hirup dua kali dilakonan
sakumaha kasauran Mama Ajengan
réa jalma nu kiwari milih pati
minangka pamungkas hirup kahiji

Hirup nu kadua kali
Bisa jadi leuwih nyari
batan hirup nu munggaran
nu kiwari ukur ngageuri
jaga mah sugan jeung sugan

–Hirup nu kadua kali
ngahanca anu ayeuna
nu kiwari jadi kuli
jaga mah jadi kapala

–Nu kiwari jadi santri
Jaga nyanding widadari

Kumaha kersa Ajengan
hirup mah sugan jeung sugan

Tong kabéngbat ku nu acan
satungtung boga hancengan
bari ngarep-ngarep sugan
ajal mah datang sorangan

Dipedalkeun dina: on Nopémber 20, 2009 at 4:49 am  Kantunkeun Pairan  

Bulan jeung Lemah-cai

imagesLantaran bulan diparanan deungeun
Nini Antéh rék ngungsi
teuing ka mendi
hayu urang sambat
sangkan teu kadungsang-dungsang

Hiap ka dieu geura lungsur, nini
incu-incu nu kiwari baluligir
pating bulucun
warah sangkan bisa ninun
saméméh pikun

Ucing nini nu bulu hiris
purah tunggu lemah-cai
beurit nu ngahakan béas
sina ditumpes
lantaran ucing di dunya
teu walakaya

1969

Dipedalkeun dina: on Nopémber 16, 2009 at 3:09 am  Kantunkeun Pairan  
Follow

Get every new post delivered to your Inbox.