Daun babasaran sisi pager, haréjo
basa jandéla dibuka
Handapeunana, barudak arulin
anteng tur taya karisi
Ramo-ramo angin lir sajuta kwas leutik
Ngagambar dunya dina kaca
Beulah kénca
mayit nu pating soléngkrah
urut ijén di Timur Tengah
wangunan-wangunan nu teu mangrupa
sésa mangkukna perang di Dacca
Ari di Viétnam ngalangkang
beungeut-beungeut jalma
nu teu weléh silih curiga
Harénghéng di mana-mana
Beulah katuhu
perjurit nu satuhu, maraju
bari teu réa carita
Satukangeunana, rayat nu kudu ngarungsi
kana lombang karisi
Rada béh jauh
para jéndral nu teu eureun-eureun maréntah
tina jandéla imah, tempat-tempat palacuran
bari jongjon ngeukeupan awéwé piaraan
Tangkal babasaran sisi, pager, ngérékék
kasurungkeun ku barudak
nu silih séréd, paheula-heula ngiuhan
saméméhna hujan teu kungsi ngiberan
Ramo-ramo angin tapis
ngagambar tanggul nu bedah
jeung walungan nu caah
di Palédah
Horéng teu kudu jauh mikiran kasusah
Bari nutupkeun jandéla, karérét kénéh
babasaran nu geus runtuh
jeung barudak nu lalumpatan
sarta angin nu beuki tarik nepakan
saluareun kamar
hirup téh teu weléh anyar
1971